TEKS MC NIKAH BAHASA SUNDA MUDAH DIPELAJARI DAN DIPRAKTEKAN

0 Comments

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakaatuh. Alhamdulillahirobil’alamin wabihinasta’in wa alla unmuri dunya waddin wassolathu wassalamu’ala assrofil anbiya’i wallmursalin sayidinna muhammadin wa alla allihi waashabihi az’main…ama ba’duPara kasepuhan anu sami rawuh anu kusimkuring dipihormat.. Bapak-bapak ibu-ibu anu sami linggih anu kusimkuring dipihormat..Para hadirin anu sami hadir anu kusimkuring dipihormat tur para wargi anu sarumping di ieu patempatan anu kusimkuring dipihormat tur dimulyakeun ku alloh SWT…amien.
    Langkung tipayun hayu urang sami sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah nu Maha ghofur Anu parantos maparinan ka urang sadaya mangprirang-pirang kanikmatan diantawisna nikmat kaimanan, nikmat kaIslaman tur nikmat kasehatan. Ku kituna Alhamdulillah urang sadaya tiasa kempel ngariung mungpulung dina ieu patempatan.
Sholawat miwah salam mugia salamina tetep kakucur  ka jungjunan urang sadaya. Nabi panutan alam, Nabi Muhammad SAW kapara kulawargina, kapara sahabatna, tur kaurang sadaya salaku umatna anu In sya Allah tumut kana ajaranna sampe akhir engke. Aamiin Ya Rabbalaalamiin.

Hadirin anu sami rawuh kusimkuring dipihormat.
    Dina ieu waktos, ngadegna simkuring di dieu salaku panata calagara dina resepsi pernikahan panganten (nama penganten) sareng  (nama penganten).  Atuh, Langkung tipayun hayu urang sami-sami buka acara ieu ku maos BASMALLAH Sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim/
    Acara anu salajengna nyaeta Kedal lisan ti utusan sepuhna panganten Istri anu bade didagukeun ku pangersa Bapak ....................................... Sumangga ka pangersa bapa....................................... Dihaturanan .

Hatur nuhun ka pangersa bapa........... anu parantos ngadugikeun kedal lisan pamaksadan  ti utusan sepuhna penganten istri.

    Atuh nu sajalengna “Panampian Tisepuhna Panganten Pameget” Anu bade didagukeun ku pangersa bapa....................................... ku kituna sumangga ka pangersa bapa....................................... dihaturanan.

    Alhamdulillah, Hatur nuhun ka pangersa bapa....................................... anu parantos ngadugikeun  panampian ti sepuhna penganten pameget.

Hadirin nu sami ku simkuring dipihormat.

    Atuh, acara salanjengna DOA,  Anu bade dipimpin ku Bapa KH....................................... Sumangga dihaturanan.

Alhamdulillah, Hatur nuhun ka Bapa KH.......................................  anu parantos mimpin doa. Mugia janten kasalamatan ka urang sadayana. Aamiin Ya Rabbalaalamiin.

Hadirin nu sami ku simkuring dipihormat.

    Acara nu salajengna nyaeta PANUTUP.  Hayu urang sami-sami tutup acara ieu ku  maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbilaalamiin.

    Simkuring salaku panata calagara, nuhunkeun hapunten nu saageung-ageungna. Bilamana seueur kalepatan dina ucapan atanapi tingkah laku.

Billahitaufiq wal hidayah. Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh

Susunan Acara:

1. Bubuka

2. Kedal lisan ti utusan sepuhna panganten Istri:

3. Panampian Tisepuhna Panganten Pameget atanapi nu ngawakilan :

4. Panutup & Doa :

Cinta Kebahagiaan

blogku Hakikat Cinta, guna menemukan apa arti cinta yang sebenarnya. Blogku Hakikat Cinta ditulis dengan hati dan rasa. Salam Rindu untuk Cinta

0 komentar: